PANANYA BUDAK NGORA
Kumaha Carana Nolak Godaan?
Rasul Paulus nulis, ”Ana sim kuring hayang migawe anu hade, ari anu timbul dina hate ngan anu goreng.” (Rum 7:21) Naha anjeun pernah ngarasa siga kitu? Mun pernah, artikel ieu bisa ngabantu anjeun ngalawan gogoda pikeun ngalampahkeun kahayang nu salah.
Nu kudu dipikanyaho ku anjeun
Gogoda ti batur bisa nyieun urang hayang ngalakukeun hal nu goréng. Alkitab nyebutkeun, ”Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.” (1 Korinta 15:33) Gogoda ti batur jeung média bisa nyababkeun urang boga kahayang pikeun ngalakukeun nu salah, malah nepi ka ”tuturut ka jalma rea anu marigawe kasalahan”.—Budalan 23:2.
”Kahayang pikeun dipikaresep jeung ditarima ku batur bisa nyieun urang pipilueun maranéhna ngalakukeun hal nu goréng.”—Jeremy.
Pikirkeun: Ku naon bakal leuwih hésé ngalawan godaan lamun urang mikirkeun teuing pandangan batur ka urang?—Siloka 29:25.
Palajaran penting: Ulah ngantep gogoda ti batur nyieun anjeun nurunkeun prinsip hirup anjeun.
Nu bisa dilakukeun ku anjeun
Sing apal kana kayakinan anjeun. Lamun kayakinan anjeun teu kuat, anjeun siga bonéka nu dikadalikeun ku batur. Jauh leuwih alus lamun urang nuturkeun pépéling ti Kitab Suci nu nyebutkeun, ”Uji sagala perkara: Mun hade cekel sing pageuh”. (1 Tesalonika 5:21) Beuki paham kana kayakinan anjeun, beuki gampang ogé anjeun hirup nuturkeunana jeung ngalawan gogoda.
Pikirkeun: Ku naon anjeun yakin yén papakon moral Allah téh mangpaatna keur anjeun sorangan?
”Abdi geus ngarasakeun, mun abdi pengkuh kana kayakinan abdi jeung teu nyerah kana gogoda, batur ogé jadi leuwih ngahargaan kayakinan abdi.”—Kimberly.
Tuladan Kitab Suci: Daniél. Sanajan ngora kénéh, ”Daniel geus nekadkeun” dina haténa yén manéhna hayang satia ka hukum-hukum Allah.—Daniel 1:8.
Sing apal kana kakurangan anjeun. Kitab Suci nyebutkeun ngeunaan ”napsu kangoraan” nu kuat pisan pangaruhna, komo deui waktu anjeun ngora kénéh. (2 Timoteus 2:22, Sunda Formal) Ieu téh lain saukur kahayang séksual wungkul, tapi ogé kaasup kahayang pikeun ditarima ku batur jeung kahayang pikeun hirup bébas ti kolot sanajan can siap.
Pikirkeun: Kitab Suci nyebutkeun, ”Jalma beunang kagoda teh lantaran kapincut ku napsuna sorangan.” (Yakobus 1:14) Naon gogoda nu paling hésé ditolak ku anjeun?
”Sing jujur ka diri sorangan ngeunaan gogoda naon nu paling bisa ngajiret anjeun. Téangan cara pikeun ngalawan gogoda éta, tuluy catet cara-carana. Ku kituna waktu engké aya gogoda éta, anjeun bakal apal cara ngalawanna.”—Sylvia.
Tuladan Kitab Suci: Daud. Manéhna ogé pernah nyerah kana gogoda ti batur jeung kana kahayangna sorangan. Tapi, Daud diajar tina kasalahanana sarta daék barobah. Manéhna ngadoa, ”Ciptakeun di diri abdi hate anu beresih, nun Allah, eusian abdi ku sumanget anyar, jiwa satia.”—Jabur 51:12.
Sing boga kadali. Kitab Suci nyebutkeun, ”[Anjeun] ulah kaelehkeun ku sipat jahat.” (Rum 12:21) Hartina, anjeun bisa meunang ngalawan gogoda. Anjeun bisa milih pikeun ngalakukeun nu bener.
Pikirkeun: Waktu keur digoda pikeun ngalakukeun nu salah, kumaha carana urang bisa ngadalikeun diri jeung teu kababawa?
”Abdi sok mikirkeun naon balukarna lamun abdi nuturkeun éta gogoda. Abdi bakal bungah teu? Bisa waé, tapi ngan sakeudeung. Engkéna, abdi bakal terus bungah? Henteu, justru abdi ngan bakal ngarasa teu ngeunah haté wungkul. Ieu téh sabanding kitu? Tangtu henteu!”—Sophia.
Tuladan Kitab Suci: Paulus. Sanajan manéhna ngaku yén manéhna ”condong ka dosa”, Paulus bisa ngadalikeun diri. Manéhna nulis, ”Abdi bener-bener ngahukum awak abdi sakumaha ka badéga.”—1 Korinta 9:27, Terjemahan Dunia Baru.
Palajaran penting: Anjeun téh nu boga kadali waktu aya gogoda.
Inget yén gogoda téh ngan keur sawatara waktu. Ceuk Melissa nu umurna 20 taun, ”Loba gogoda karasana hésé pisan basa abdi keur SMA, tapi geuningan ayeuna mah jadi teu sapira. Kitu ogé gogoda ayeuna téh ngan saliwat wungkul. Engké pasti abdi bakal sadar, untung baheula abdi nolak gogoda éta.”