PANANYA BUDAK NGORA
Kumaha Supaya Abdi Teu Kacapéan Teuing?
Naha anjeun osok kacapéan? Lamun enya, artikel ieu bisa ngabantu anjeun!
Ku naon anjeun bisa kacapéan?
Sibuk teuing. Saurang budak ngora nu ngaranna Julie ngomong, ”Ayeuna mah jalma-jalma dipaksa ngalakukeun hal-hal ku cara nu leuwih hadé, ningkatkeun kamampuh, boga cita-cita nu leuwih luhur, jeung ngahontal hasil nu leuwih alus. Teterusan dipaksa jiga kieu téh capé atuh!”
Téknologi. Ku ayana alat éléktronik saperti HP, tablét, jeung alat séjénna, urang téh kudu terus siap 24 jam sapoé. Ieu téh bisa nyababkeun urang strés, lila-lila urang bakal kacapéan.
Kurang saré. Ceuk budak ngora nu ngaranna Miranda, ”Lantaran kudu sakola, digawé, jeung rékréasi, loba budak ngora jadi kudu hudang isuk-isuk jeung saré peuting. Kabiasaan siga kieu téh goréng, tapi hésé dirobah.” Kabiasaan ieu biasana nyieun jalma kacapéan.
Ku naon ieu téh bahaya?
Alkitab muji kabiasaan getol digawé. (Siloka 6:6-8; Rum 12:11) Tapi, lain hartina anjeun kudu teterusan digawé nepi ka ngorbankeun nu séjén, misalna kaséhatan.
”Sakali waktu, saking sibukna digawé, abdi nepi ka poho can dahar sapoé jeput. Abdi jadi diajar, teu alus lamun narima kabéh tugas nu dibikeun, komo deui mun kudu ngorbankeun kaséhatan.”—Ashley.
Alkitab méré naséhat nu alus, ”Mending keneh anjing hirup ti batan singa paeh.” (Pandita 9:4) Waktu maksakeun diri, bisa jadi anjeun ngarasa kuat siga singa. Tapi, maksakeun diri nepi ka kacapéan bisa ngaruksak kaséhatan anjeun.
Nu bisa dilakukeun ku anjeun
Sing wani nolak. Alkitab ngajelaskeun, ”Mending oge handap asor.” (Siloka 11:2) Jalma nu handap asor atawa sadar diri téh nyaho kana kamampuhna, jadi manéhna moal narima tugas di luar kasanggupanana.
”Biasana jalma nu sok kacapéan téh jalma nu teu bisa nolak, manéhna hayang ngagawékeun kabéh pagawéan nu ditawarkeun. Éta téh teu handap asor. Lila-lila pasti manéhna bakal kacapéan.”—Jordan.
Istirahat nu cukup. Ceuk Alkitab, ”Leuwih hadé sagenggem istirahat ti batan dua genggem tihothat paciweuh jeung ngungudag angin.” (Pandita 4:6, NW) Saré téh ibarat maraban uteuk. Tapi kalolobaan budak ngora osok kurang saré, padahal maranéhna butuh saré dalapan nepi ka sapuluh jam sapoé.
”Mun keur sibuk pisan, abdi téh osok kurang saré. Padahal kuduna mah abdi saré leuwih lila supaya isukanana bisa leuwih hadé digawé jeung leuwih bagja.”—Brooklyn.
Atur waktu. Ceuk Alkitab, ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.” (Siloka 21:5) Diajar pikeun ngatur waktu jeung kagiatan téh bakal mangpaat pikeun kahirupan anjeun engkéna.
”Urang moal gampang strés lamun boga jadwal. Sabab urang bakal leuwih nyaho naon nu kudu dirobah supaya engkéna teu kacapéan teuing.”—Vanessa.