PÉK CONTO IMAN MARANÉHNA | AYUB
Yéhuwa Nyageurkeun Ayub
Ahirna, priya-priya éta jarempé. Nu kadangu téh ngan sora angin ngahiliwir ti gurun keusik di Arab. Ayub geus béak ucap, geus capé ngomong. Bayangkeun manéhna ngadelékan tilu babaturanana, nyaéta Élipas, Bildad, jeung Sopar, saolah-olah nangtang maranéhna pikeun ngomong deui. Tapi, maranéhna gé geus aral, teu bisa ngomong nanaon deui. Maranéhna bingung, asana mah geus hébat ngomongna, geus seukeut nyindirna, tapi Ayub masih kénéh teu kapangaruhan. (Ayub 16:3) Malah, tékad Ayub pikeun tetep satia kalah ka beuki kuat.
Bisa jadi Ayub ngarasa, hal nu nyésa ti dirina téh ngan kasatiaanana wungkul. Kabéh hartana geus leungit, sapuluh budakna maot, babaturan sarta barayana gé geus teu aya nu ngadukung jeung ngahargaan manéhna. Komo deui ayeuna manéhna katerap ku panyakit. Kulitna mani hararideung jeung pinuh ku borok. Awakna digurumut ku bilatung. Napasna gé bau pisan. (Ayub 7:5; 19:17; 30:30) Ku kituna, Ayub ambek pisan waktu ngadéngé omongan jahat ti tilu babaturanana. Manéhna jadi hayang ngabuktikeun yén dirina téh lain jalma dosa siga nu diomongkeun ku tilu babaturanana. Pas Ayub bérés ngomong, babaturanana jarempé kabéh. Maranéhna geus béak ucap sanggeus nuduh Ayub ku sakitu lobana omongan kejem. Tapi, angger wé kanyeri Ayub teu leungit-leungit. Manéhna butuh bantuan pisan.
Wajar lamun Ayub boga pandangan nu kaliru ngeunaan kaayaanana. Manéhna butuh bingbingan jeung naséhat. Manéhna gé keur butuh dukungan jeung perhatian, tapi babaturanana kalah ka ngomong jahat. Naha Sadérék ogé pernah ngarasa aral, jeung butuh pisan bingbingan sarta panglilipur? Naha Sadérék pernah dikuciwakeun ku babaturan? Sadérék bakal meunang pangharepan jeung bantuan lamun diajar tina sikep Ayub sarta kumaha Allah Yéhuwa nulungan hamba-Na ieu.
Babaturan nu Méré Naséhat Hadé jeung Bijaksana
Anu kajadian sanggeusna téh teu kasangka-sangka. Aya saurang lalaki nu leuwih ngora, ngaranna Élihu. Ti mimiti, manéhna geus aya di ditu, cicing baé bari ngadéngékeun priya-priya tadi debat. Tapi di jero haténa , manéhna keuheul pisan!
Élihu kuciwa ka Ayub. Manéhna keuheul ningali Ayub kapancing pikeun ngabuktikeun diri leuwih bener ti batan Allah. Tapi, Élihu gé karunyaeun ka Ayub. Manéhna paham kana kasedih jeung parasaan Ayub. Manéhna gé ngarti, Ayub téh keur bener-bener butuh naséhat nu hadé jeung panglilipur. Élihu teu tahan ngadéngékeun tilu sobat palsu Ayub! Maranéhna teterusan nganyenyeri haté Ayub, ngalemahkeun iman jeung kasatiaan Ayub, sarta ngarendahkeun martabatna. Nu leuwih parah deui, omongan maranéhna téh mitnah Allah, saolah-olah Allah téh jahat. Élihu geus teu sabar hayang geura ngomong!—Ayub 32:2-4, 18.
Ceuk manéhna, ”Kuring rumasa ngora kénéh, ari bapa-bapa mah tos sarepuh. Ku kituna, kuring ngahargaan jeung nahan diri. Kuring teu wani ngedalkeun kanyaho kuring.” Tapi, Élihu geus teu tahan cicing waé. Jadi manéhna ngomong, ”Jalmi jadina pinter atanapi terang kana bebeneran teh sanes ku dumeh kakolotanana.” (Ayub 32:6, Terjemahan Dunia Baru, ”NW”; 32:9) Tuluy Élihu ngabudalkeun kabéh pamikiranana, nu ngabuktikeun yén kekecapanana téh bener. Cara manéhna ngomong ka Ayub téh béda pisan ti cara Élipas, Bildad, jeung Sopar. Élihu ngayakinkeun Ayub, manéhna mah moal nyapirakeun atawa nyababkeun Ayub beuki leutik haté. Manéhna gé ngangkat martabat Ayub ku nyebutkeun ngaran Ayub jeung ngakukeun yén Ayub téh geus teu dihargaan ku tilu babaturanana. a Ku cara nu sopan Élihu ngomong, ”Ayeuna Pa Ayub, cing dangukeun omongan kuring.”—Ayub 33:1, NW; 33:7; 34:7.
Élihu méré naséhat nu terus terang ka Ayub, ”Saur Pa Ayub tadi . . . ’Kuring teu boga salah. Teu boga kaluluputan, taya dosa naon-naon. Tapi Allah teu kurang-kurang alesan keur nyilakakeun kuring.’” Élihu ngajelaskeun naon nu jadi masalahna, ”Naha Bapa yakin pisan Bapa téh bener, nepi ka ngomong, ’Kuring leuwih bener ti batan Allah’?” (Ayub 33:8-12; 35:2, NW) Élihu paham yén Ayub téh keur keuheul pisan, lantaran waktu kaleungitan loba hal, babaturan nu sakuduna ngalilipur kalah ka ngomong jahat ka manéhna. Tapi Élihu ngingetan Ayub, ”Atos-atos, najan lara ulah dugi ka sasar ucap.”—Ayub 36:18.
Élihu Nandeskeun Sakumaha Hadéna Yéhuwa
Sanggeusna, Élihu ngajelaskeun yén Allah Yéhuwa téh teu pernah salah. Ku kekecapan nu saderhana tapi jero, Élihu méré nyaho hal nu penting pisan, ”Mustahil Allah ngalakukeun nu jahat, mustahil Nu Maha Kawasa téh salah! . . . Nu Maha Kawasa mah teu pernah teu adil.” (Ayub 34:10, 12, NW) Tuluy, Élihu ngabantu Ayub inget kana sakumaha adil jeung welas asihna Yéhuwa. Omongan Ayub téh geus teu ngahargaan Allah lantaran manéhna ngan mikirkeun diri sorangan. Sabenerna, bisa waé Yéhuwa ngahukum Ayub, tapi nyatana mah henteu. (Ayub 35:13-15, NW) Élihu teu ngarasa diri pangpinterna, nyaho sagala hal ngeunaan Allah. Tapi, manéhna rendah haté. Manéhna ngomong, ”Allah téh leuwih hébat ti batan nu dipikanyaho ku urang.”—Ayub 36:26, NW.
Sanajan méré naséhat nu terus terang, Élihu tetep bageur. Manéhna méré nyaho harepan nu éndah, nyaéta dina waktuna, Ayub bakal dicageurkeun ku Yéhuwa. Yéhuwa jangji ka hamba-Na nu satia, ”Seug nu gering teh neutneutan menyat, tanagana pulih deui, bedas deui cara keur ngora.” Hal séjénna nu nunjukkeun yén Élihu téh bageur nyaéta: Manéhna teu ngahutbahan Ayub, tapi méré Ayub kasempetan pikeun ngomong. Ceuk Élihu, ”Bilih aya saurkeuneun mah saurkeun bae, atuh ari Pa Ayub nu leres, memang kitu utamina.” (Ayub 33:25, 32) Tapi, Ayub teu ngajawab nanaon. Meureun Ayub ngarasa geus teu perlu ngabéla diri deui lantaran kekecapan Élihu téh bageur jeung ngalilipur pisan. Malah, bisa jadi Ayub nepi ka ceurik lantaran ngarasa sakitu diperhatikeunana ku Élihu.
Urang bisa meunang palajaran penting tina tuladan dua priya nu satia ieu. Ti Élihu, urang diajar cara nu hadé pikeun méré naséhat jeung ngalilipur jalma nu keur ngabutuhkeunana. Sanajan hésé, sobat sajati pasti méré nyaho lamun urang boga kalemahan nu sérius, atawa bakal ngingetan saacan urang nyieun kasalahan nu parah. (Siloka 27:6) Tangtu urang gé hayang jadi sobat nu siga kitu. Urang hayang tetep bageur jeung ngalilipur sanajan sobat urang ngomongna teu dipikir heula lantaran kabawa ku émosi. Terus lamun urang keur butuh naséhat, urang bisa nyonto tuladan Ayub nu rendah haté, daék ngadéngékeun naséhat, lainna nolak. Urang kabéh butuh naséhat jeung bingbingan. Narima naséhat téh bisa nyalametkeun kahirupan.—Siloka 4:13.
”Ti Jero Angin Ribut”
Waktu ngomong ka Ayub, Élihu sering nyebutkeun angin, méga, guludug, jeung kilat. Ceuk manéhna, ”Sorana ngagelebug asal tina baham Allah. Darangukeun!” Teu lila manéhna gé nyebutkeun ”angin topan”. (Ayub 37:2, 9) Katingalina waktu Élihu keur ngomong, aya angin tinggelebug, beuki lila beuki gedé. Éta téh angin ribut nu gedé pisan! Terus ujug-ujug, aya kajadian nu matak tajub. Ger, kadangu sora Yéhuwa!—Ayub 38:1.
Bayangkeun sakumaha istiméwana diajar ngeunaan alam, langsung ti Nu Nyiptakeun jagat raya!
Waktu maca buku Ayub, urang pasti tajub sabab urang bisa apal naon nu diomongkeun ku Yéhuwa ka Ayub. Siga angin ribut, omongan Yéhuwa téh nebak omongan Élipas, Bildad, jeung Sopar nu siga runtah nu teu guna! Malah, tilu priya éta teu diajak ngomong ku Yéhuwa. Mantenna ngan merhatikeun Ayub. Yéhuwa méré naséhat ka Ayub ku cara nu bageur, sakumaha bapa nu nyaahan méré naséhat ka budakna.
Unggal ningali barudak-Na sangsara, Mantenna ngarasa karunya. Ayeuna, Mantenna ge karunyaeun ka Ayub. (Yesaya 63:9; Jakaria 2:8) Tapi Mantenna gé apal yén Ayub geus ”make ucap-ucap anu nya bodo nya kosong”, nu matak beuki nyusahkeun manéhna. Jadi, Yéhuwa ngalempengkeun cara pikir Ayub. Ceuk Mantenna, ”Geus aya maneh basa Kami ngadegkeun jagat? Lamun enya nyaho, sebutkeun.” Ti mimiti jagat raya diciptakeun, ”bentang-bentang” nyaéta para malaikat, kaleprok saruka bungah muji ciptaan. (Ayub 38:2, 4, 7) Tangtu Ayub teu nyaho nanaon ngeunaan hal ieu.
Tuluy, Yéhuwa ngabahas ciptaana-Na. Yéhuwa téh siga guru nu ngajarkeun élmu alam, saperti élmu astronomi, biologi, geologi, jeung fisika. Yéhuwa ngajelaskeun rupa-rupa sato nu aya di jaman Ayub, nyaéta singa, gagak, embé cadas, kaldé jarah, sapi jalu, manuk onta, kuda, manuk falkon, manuk heulang, kuda Nil (Behemot), jeung Léwiatan (sabangsa buhaya). Bayangkeun sakumaha istiméwana diajar ngeunaan ciptaan, langsung ti Nu Nyiptakeun jagat raya! b
Ngajarkeun Sipat Nyaah jeung Rendah Haté
Naon palajaranana? Ayub kudu leuwih rendah haté. Manéhna ngarasa Yéhuwa teu adil ka manéhna. Pamikiran siga kitu justru nyusahkeun manéhna sorangan. Éta bisa ngaruksak sosobatanana jeung Yéhuwa. Ku kituna, Yéhuwa nanya sababaraha kali: Waktu Mantenna keur nyiptakeun jagat raya, naha Ayub geus aya? Naha Ayub bisa ngurus jeung ngadalikeun kabéh ciptaan Yéhuwa? Tangtu henteu. Jadi kuduna Ayub gé teu mikir yén manéhna bisa mapatahan Nu Nyipta. Dibandingkeun jeung Ayub, tangtu Yéhuwa leuwih apal naon nu kudu dilakukeun jeung kumaha cara ngalakukeunana.
Ayub teu protés ka Yéhuwa, ngabéla diri, atawa néang-néang alesan
Sakabéh ucapan Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna nyaah pisan ka Ayub. Ibaratna Yéhuwa téh ngomong kieu, ’Anaking, lamun Bapa sanggup nyiptakeun jeung ngurus sagalana, naha ceuk hidep, Bapa moal sanggup ngurus hidep? Naha Bapa téga ninggalkeun hidep, ngarampas putra-putra, harta banda, jeung kaséhatan hidep? Lainna ngan Bapa nu bisa mulangkeun sagala pangaboga hidep sarta nyingkirkeun kabéh kapeurih hidep?’
Ayub ngan ngajawab dua kali waktu Yéhuwa nanya. Manéhna teu protés, ngabéla diri, atawa néang-néang alesan. Tapi Ayub rendah haté, ngakukeun yén manéhna téh ngan nyaho saeutik. Ayub gé ngarasa kaduhung geus ngomong bari teu dipikir heula. (Ayub 40:3-5; 42:1-6) Urang bisa ningali yén sanajan keur sakitu sangsarana, Ayub tetep boga iman nu kuat. Manéhna daék narima naséhat ti Yéhuwa jeung barobah. Urang gé bisa mikirkeun, ’Waktu dibéré naséhat jeung bingbingan, naha urang rendah haté jeung daék narimana?’ Urang kabéh butuh bantuan. Lamun daék narima bantuan, urang nyonto iman Ayub.
”Maneh Teu Bener Medar Sipat Kami”
Ayeuna, Yéhuwa nyieun tindakan nu ngagedékeun haté Ayub. Ka Élipas nu katingalina pangkolotna, Yéhuwa ngomong, ”Kami keuheul liwat saking ka maneh jeung ka sobat maneh nu duaan, lantaran maneh teu bener medar sipat Kami, henteu cara Ayub abdi Kami.” (Ayub 42:7) Perhatikeun kekecapan Mantenna. Yéhuwa teu ngomong yén sagala nu diucapkeun ku tilu babaturan Ayub téh salah. c Mantenna gé teu nyebutkeun yén sakabéh ucapan Ayub téh bener. Tapi, kaayaan Ayub jeung tilu babaturanana téh béda pisan. Harita Ayub téh keur aral, nalangsa lantaran dikantunkeun, sarta leutik haté sabab geus dipitnah sacara kejem. Jadi, wajar lamun omonganana teu dipikir heula. Ari Élipas jeung dua babaturanana mah teu sangsara siga Ayub. Maranéhna ngahaja ngomong hal-hal nu kejem, nunjukkeun yén maranéhna téh adigung jeung lemah iman. Nu diserang ku maranéhna téh lain ngan Ayub wungkul, tapi nu leuwih parah, maranéhna gé ngomongkeun hal-hal nu ngagogoréng Yéhuwa, saolah-olah Yéhuwa téh Allah nu jahat!
Jadi, wajar lamun Yéhuwa ménta maranéhna méré kurban nu mahal. Maranéhna kudu ngurbankeun tujuh sapi jalu jeung tujuh domba jalu. Ka dieunakeun dina Hukum Musa, lamun saurang Imam Agung boga dosa nu ngarugikeun sakabéh rahayat, manéhna kudu ngurbankeun hiji sapi jalu. (Imamat 4:3) Dina Hukum Musa, sapi jalu téh sato kurban nu paling mahal. Jadi, nu kudu dikurbankeun ku tilu babaturan Ayub téh mahal pisan. Tapi, teu ngan éta wungkul. Kurban maranéhna ngan bakal ditarima ku Yéhuwa lamun Ayub geus ngadoakeun maranéhna. d (Ayub 42:8) Ayub pasti jadi gedé haté lantaran dibéla langsung ku Yéhuwa sarta ningali sakumaha adilna Mantenna.
”Menta dipangnedakeun ku Ayub.”—Ayub 42:8.
Yéhuwa yakin yén Ayub bakal ngalakukeun hal nu dipénta ku Mantenna, nyaéta ngahampura tilu babaturanana nu geus nganyenyeri haté Ayub. Bener wé, Ayub ngalakukeunana. (Ayub 42:9) Kataatanana ieu ngabuktikeun yén Ayub téh satia pisan, teu ngan di biwir wungkul. Ku lantaran taat, Yéhuwa ngahujanan Ayub ku loba berkah.
Kanyaah nu Gedé
Yéhuwa téh kacida nyaah jeung welas asihna ka Ayub. (Yakobus 5:11) Naon buktina? Yéhuwa nyageurkeun Ayub. Bayangkeun kumaha parasaan Ayub waktu awakna ”bedas deui cara keur ngora”, sakumaha nu geus diramalkeun ku Élihu! Ayeuna, kulawarga jeung babaturanana gé ngadukung, perhatian, jeung méré loba hadiah ka Ayub. Ayub gé dijieun beunghar deui, malah ayeuna mah dua kalieun ti saacanna. Kumaha Yéhuwa ngalilipur Ayub nu geus dikantunkeun ku sapuluh budakna? Allah méré sapuluh budak deui ka Ayub jeung pamajikanana. Maranéhna pasti kalilipur pisan! Yéhuwa gé méré umur panjang ka Ayub nepi ka 140 taun deui. Ayub jadi bisa ningali opat génerasi turunanana. Kitab Suci nunjukkeun yén Ayub maot sanggeus ngarasakeun hirupna sugema jeung panjang umur. (Ayub 42:10-17, NW) Engké di Pirdaus, Ayub jeung pamajikanana bakal ngarumpul deui jeung kulawargana, kaasup sapuluh budakna nu maot gara-gara Sétan.—Yohanes 5:28, 29.
Ku naon Ayub dihujanan ku sakitu lobana berkah? Ceuk Kitab Suci, ”Dulur-dulur geus ngadarenge carita Ayub anu sabar tumarima.” (Yakobus 5:11) Kalolobaan ti urang teu pernah ngalaman kasangsaraan siga Ayub. Tina ayat tadi, urang apal yén Ayub teu ngan saukur pasrah nyanghareupan kasusahna. Manéhna teger, iman jeung kanyaahna ka Yéhuwa gé tetep kuat. Ayub teu keuheul jeung ambek ka jalma nu geus ngahaja nganyenyeri haténa, manéhna réla ngahampura. Ayub gé teu pernah kaleungitan harepan jeung hal nu pangpentingna keur manéhna, nyaéta kasatiaanana.—Ayub 27:5.
Urang kabéh kudu teger, sabab sakumaha ka Ayub, Sétan pasti bakal nyoba rupa-rupa cara pikeun ngaleutikkeun haté urang. Tapi lamun urang teger, terus nyepeng pageuh iman urang, rendah haté, réla ngahampura batur, sarta boga tékad pikeun tetep satia, urang moal kaleungitan harepan nu éndah. (Ibrani 10:36) Sétan bakal keuheul pisan lamun urang tetep satia siga Ayub. Sabalikna, Yéhuwa nu nyaah ka urang bakal pohara bagjana!
a Élipas, Bildad, jeung Sopar ngahutbahan Ayub panjang pisan, sakitu panjangna nepi ka minuhan salapan pasal dina Kitab Suci, tapi euweuh hiji-hiji acan ayat nu nyatet yén maranéhna nyebutkeun ngaran Ayub.
b Waktu ngomong ka Ayub, Yéhuwa ngajelaskeun hal-hal sacara harfiah, tapi sakapeung sacara kiasan ogé. Cara Mantenna ngajar téh hadé pisan, nepi ka urang teu engeuh yén Yéhuwa ngajar Ayub ku rupa-rupa cara. (Misalna, tingali Ayub 41:1, 7, 8, 19-21.) Teu sual kumaha cara ngajar-Na, Mantenna hayang Ayub leuwih ngahargaan Nu Nyiptakeunana.
c Malah, kekecapan Élipas pernah dikutip ku Rasul Paulus. (Ayub 5:12, 13; 1 Korinta 3:19) Mémang nu diucapkeun ku Élipas téh bener, tapi éta kalah ka dipaké pikeun nyerang Ayub.
d Teu aya ayat nu nunjukkeun yén Ayub gé kudu méré kurban siga kitu demi pamajikanana.