Ku Naon Allah Teu Ngahalangan Nazi Maéhan Loba Jalma?
Kalolobaan jalma anu nanyakeun pananya éta téh kaleungitan kulawarga atawa babaturanana dina kajadian Holocaust (hiji kajadian waktu Nazi maéhan loba urang Yahudi). Maranéhna teu ngan saukur hayang meunangkeun jawabanana, tapi ogé hayang meunang panglilipur. Aya ogé nu nganggap Holocaust sabagé salah sahiji kajahatan anu pangkejemna. Maranéhna jadi hésé percaya ka Allah.
Kasalahpahaman nu umum ngeunaan Allah jeung Holocaust
Mitos: Urang teu meunang nanyakeun ku naon Allah ngidinan Holocaust kajadian.
Fakta: Di jaman baheula, umat Allah gé nanyakeun ku naon Allah ngidinan kajahatan. Misalna, Nabi Habakuk pernah nanya kieu ka Allah, ”Ku naon abdi dugi ka kedah ningal kaayaan nu sakitu jahatna? Naha Gusti kiat ningali kalakuan jalmi-jalmi sakitu arawonna? Di sakurilingeun abdi mung aya kareksakan sareng kakerasan, di mana-mana jalmi-jalmi garelut, parasea.” (Habakuk 1:3) Waktu nanya kitu, Habakuk teu dicarékan ku Allah. Malah, omonganana dicatet dina Alkitab ngarah bisa dibaca ku kabéh jalma.
Mitos: Allah teu paduli kana kasangsaraan manusa.
Fakta: Allah ngéwa kana kajahatan jeung kasangsaraan. (Siloka 6:16-19) Dina jaman Nabi Nuh, Allah ngarasa sedih lantaran bumi pinuh ku kajahatan. (Kajadian 6:5, 6) Jadi, Allah gé pasti sedih pisan waktu loba jalma paéh dina kajadian Holocaust.—Malaki 3:6.
Mitos: Holocaust téh cara Allah pikeun ngahukum urang Yahudi.
Fakta: Dina abad kahiji, Allah mémang pernah ngidinan Yérusalém pikeun diancurkeun ku bangsa Roma. (Matius 23:37-24:2) Tapi ti saprak harita, Allah geus teu pernah ngahukum atawa nganggap istiméwa hiji kaom. Dina pandangan Allah, ”urang Yahudi jeung bangsa-bangsa sejen, taya nu dibeda-beda”.—Roma 10:12, KITAB SUCI © LAI 1991.
Mitos: Lamun Allah Nu Mahakawasa jeung nyaahan mémang aya, Anjeunna moal ngantep Holocaust kajadian.
Fakta: Allah teu pernah nyababkeun manusa sangsara. Tapi, kadang Anjeunna ngidinan éta kajadian pikeun sababaraha waktu.—Yakobus 1:13; 5:11.
Ku naon Allah teu ngahalangan Nazi maéhan loba jalma?
Ceuk Alkitab, dunya ieu téh dikawasaan ku Sétan, lain ku Allah. (Lukas 4:1, 2, 6; Yahya 12:31) Jadi, keur sababaraha waktu mah Allah ngantep hal-hal nu nyababkeun manusa sangsara, kaasup Holocaust. Perhatikeun dua alesan séjén ku naon Allah teu ngahalangan Nazi maéhan loba jalma.
Allah méré kabébasan pikeun milih ka manusa. Baheula, Allah méré paréntah ka Adam jeung Hawa, tapi Anjeunna teu maksa Adam jeung Hawa pikeun nuturkeun paréntah éta. Hanjakalna, Adam jeung Hawa nyieun pilihan nu goréng. Maranéhna hayang nangtukeun sorangan mana nu bener jeung nu salah. (Kajadian 2:17; 3:6; Roma 5:12) Tindakan maranéhna ngalantarankeun umat manusa sangsara. Sapanjang sajarah, aya loba jalma nu teu taat ka Allah, balukarna loba nu sangsara. Ceuk buku Statement of Principles of Conservative Judaism, ”Lantaran loba nu sangeunahna ngagunakeun kabébasan pikeun milih, aya loba jalma nu jadi sangsara.” Sanajan kitu, Allah masih méré kabébasan pikeun milih jeung méré kasempetan ka manusa pikeun ngabuktikeun sorangan yén manusa mah moal bisa hirup bagja lamun teu dibingbing ku Allah.
Allah bisa jeung bakal ngaleungitkeun sagala kasangsaraan nu disababkeun ku Holocaust. Allah jangji bakal ngahirupkeun deui jutaan jalma nu geus maot, kaasup jalma-jalma nu maot dina kajadian Holocaust. Sagala kasedih jeung ingetan goréng nu dirasakeun ku jalma-jalma nu jadi korban Holocaust gé bakal disingkirkeun. (Yesaya 65:17; Kisah 24:15) Jangji-jangji Allah ieu pasti jadi kanyataan sabab Allah nyaah ka umat manusa.—Yahya 3:16.
Loba jalma nu kulawargana dipaéhan dina kajadian Holocaust bisa tetep boga iman ka Allah jeung boga tujuan hirup, ku lantaran maranéhna ngarti ku naon Allah ngidinan kajahatan jeung kumaha Anjeunna bakal nyingkirkeunana.