Naon Alkitab téh?
Jawaban Alkitab
Alkitab téh kumpulan 66 buku suci nu ditulis salila ampir 1.600 taun. Alkitab téh eusina ”kekecapan Allah”.—1 Tésalonika 2:13.
Nu dibahas
Fakta-fakta ngeunaan Alkitab
Saha nu ngarang Alkitab téh? Nu Ngarang Alkitab téh Allah. Tapi Anjeunna ngagunakeun 40 priya keur nulis Alkitab. Sababaraha di antarana téh nyaéta Nabi Musa, Raja Daud, Matius, Markus, Lukas jeung Yahya. a Allah nu méré nyaho naon waé nu perlu ditulis ku maranéhna.—2 Timotius 3:16.
Ibaratna: Aya saurang dunungan nu nugaskeun sékertarisna keur nulis surat. Sanajan suratna ditulis ku sékertaris, eusina mah ti dununganana. Kitu ogé, sanajan Allah nugaskeun manusa keur nuliskeun pesenna, nu ngarang Alkitab mah Allah.
Kecap ”Alkitab” téh hartina naon? Kecap ”Alkitab” téh asalna tina basa Yunani nyaéta biblia, nu hartina ”buku-buku leutik”. Ka dieunakeun, biblia téh ngamaksudkeun kabéh kumpulan buku-buku leutik nu ayeuna mah jadi hiji jeung disebut Alkitab.
Iraha Alkitab ditulis? Alkitab mimiti ditulis taun 1513 SM nepi ka kira-kira taun 98 M. Jadi, Alkitab téh ditulis salila 1.600 taun.
Alkitab nu mimiti ditulis téh aya kénéh teu? Geus teu aya, lantaran ditulisna dina bahan-bahan nu babari ruksak, siga kai papirus jeung kulit sato. Tapi salila mangabad-abad, Alkitab disalin sacara taliti ku jalma-jalma nu ahli nyalin Alkitab. Ku kituna Alkitab masih bisa dibaca ku loba jalma mangtaun-taun sanggeusna.
Naon nu dimaksud ku ”Perjangjian Lawas” jeung ”Perjangjian Anyar”? Perjangjian Lawas téh nyaéta bagian dina Alkitab nu kalolobaanana mah ditulis dina basa Ibrani b. Bagian ieu ogé osok disebut Kitab-Kitab Ibrani. Perjangjian Anyar téh nyaéta bagian dina Alkitab nu ditulis dina basa Yunani. Bagian ieu ogé osok disebut Kitab-Kitab Yunani Kristen. Mun dihijikeun, dua bagian ieu disebut Kitab Suci. c
Naon waé nu aya dina Alkitab téh? Nu aya dina Alkitab téh nyaéta sajarah, hukum, ramalan, puisi, paribasa, kawih-kawih jeung surat-surat.—Tingali ” Daptar Buku-Buku Alkitab”.
Naon eusi Alkitab téh?
Mimitina Alkitab nyaritakeun kumaha Allah nyiptakeun langit jeung planét bumi. Allah méré nyaho ngaranna dina Alkitab, nyaéta Yéhuwa. Allah ogé méré nyaho yén Anjeunna miharep umat manusa bisa ngaraket ka Anjeunna.—Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru (NW).
Alkitab ngajelaskeun yén nami Allah téh geus digogoréng. Tapi Alkitab ogé ngajelaskeun kumaha Allah bakal nyucikeun nami-Na.
Alkitab nunjukkeun naon tujuan Allah pikeun umat manusa jeung planét bumi ieu. Di mangsa ka hareup, Allah téh bakal ngaleungitkeun kabéh hal nu nyababkeun manusa sangsara.
Dina Alkitab gé aya naséhat-naséhat nu alus pikeun kahirupan sapopoé. Contona:
Ngajaga hubungan nu alus jeung batur. ”Naon waé nu dipiharep ku maranéh ti batur, lampahkeun éta ogé ka batur.”—Matius 7:12.
Hartina: Lamun hayang dibageuran ku batur, urang ogé kudu bageur ka batur.
Carana supaya teu strés. ”Ulah hariwang poé isukan rék kumaha. Pikiran mah poé ieu wéh, isukan mah isukan deui.”—Matius 6:34.
Hartina: Ulah hariwang teuing kana mangsa ka hareup, pikirkeun masalah nu aya ayeuna.
Boga perkawinan nu bagja. ”Aranjeun masing-masing kudu nyaah ka pamajikan siga ka diri sorangan. Sabalikna, pamajikan kudu bener-bener ngahormat salakina.”—Éfésus 5:33.
Hartina: Perkawinan bisa bagja lamun salaki pamajikan silih pikanyaah jeung silih hormat.
Naha enya eusi Alkitab geus dirobah?
Henteu. Para ahli Alkitab geus ngabandingkeun manuskrip Alkitab nu heubeul jeung Alkitab nu aya ayeuna. Maranéhna nyimpulkeun yén eusina mah teu barobah. Ieu téh asup akal, sabab Allah hayang firman-Na dibaca jeung dipikaharti. Jadi Anjeunna pasti ngajaga supaya eusina teu barobah. d—Yésaya 40:8.
Ku naon tarjamahan Alkitab téh aya loba?
Kalolobaan jalma ayeuna teu ngarti kana basa nu digunakeun pikeun nulis Alkitab di jaman baheula. Padahal Alkitab téh eusina warta hadé keur jalma-jalma di unggal bangsa, suku bangsa, basa jeung kaom. (Wahyu 14:6) Jadi Alkitab téh kudu ditarjamahkeun ka basa anu dipaké ku jalma-jalma ayeuna, supaya firman ti Allah téh bisa dipikaharti.
Aya tilu cara keur narjamahkeun Alkitab:
Tarjamahan kecap per kecap, atawa tarjamahan sacara harfiah.
Tarjamahan makna, ngagunakeun kekecapan nu nepikeun maksud tina naskah dina basa aslina.
Tarjamahan bébas, teu bener-bener nuturkeun basa aslina. Kecap-kecapna gé dirobah supaya leuwih gampang dipikaharti. Sanajan kitu tarjamahan siga kitu téh teu pati akurat, sabab teu bener-bener nepikeun pesen nu sabenerna.
Tarjamahan Alkitab nu alus téh bisa nepikeun firman ti Allah sacara akurat, sarta tarjamahanana kudu gampang dipikaharti ku jalma-jalma ayeuna. e
Saha nu nangtukeun buku naon waé nu kudu diasupkeun kana Alkitab?
Salaku pangarang Alkitab, Allah nu nangtukeun buku mana waé nu perlu diasupkeun kana Alkitab. Mimitina ”kekecapan suci ti Allah téh dipercayakeun ka” bangsa Israél nu heubeul. (Roma 3:2) Maranéhna ngajaga buku-buku nu aya dina Kitab-Kitab Ibrani.
Naha aya buku nu teu dimuat dina Alkitab?
Henteu. Alkitab téh geus lengkep. Euweuh buku nu ”can diasupkeun” ka Alkitab. Sababaraha jalma nganggap aya buku-buku heubeul nu sakuduna mah dimuat dina Alkitab. f Padahal Alkitab boga patokanana sorangan ngeunaan hal éta. (2 Timotius 1:13) Lantaran diilhamkeun ku Allah, buku-buku nu aya dina Alkitab téh henteu silih papalingpang. Ari buku heubeul séjénna nu ceuk jalma-jalma kudu aya dina Alkitab mah eusina henteu luyu jeung Alkitab. g
Carana néangan ayat dina Alkitab
Daptar buku-buku Alkitab
a Daptar lengkep buku-buku dina Alkitab, ngaran nu nulisna, jeung iraha ditulisna, aya dina ”Daftar Buku-Buku Alkitab”.
b Sababaraha bagian dina Alkitab ditulis dina basa Aram, basana téh rada mirip jeung basa Ibrani.
c Jalma nu maca Alkitab leuwih sering ngagunakeun istilah ”Kitab-Kitab Ibrani” jeung ”Kitab-Kitab Yunani Kristen”. Ku kituna moal aya kesan yén ”Perjangjian Lawas” téh geus tinggaleun jaman, terus diganti ku ”Perjangjian Anyar”.
d Tingali artikel ”Naha Eusi Alkitab téh Geus Dirobah?”
e Loba nu resep maca Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar, lantaran eusina téh akurat jeung gampang dipikaharti. Tingali artikel ”Naha Alkitab Terjemahan Dunia Baru téh Akurat?”
f Buku-buku heubeul ieu osok ogé disebut Apokrifa. Numutkeun Encyclopædia Britannica, buku-buku ieu téh teu dianggap sabagé bagian tina Alkitab.
g Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Injil Apokrifa—Kebenaran Tersembunyi tentang Yesus?”