Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Kamampuh Anjing dina Ngambeu

Kamampuh Anjing dina Ngambeu

 Para panaliti ngomong yén anjing bisa ngagunakeun kamampuh ngambeuna pikeun ngabédakeun umur, mana nu jalu mana nu bikang, sarta émosi anjing séjénna. Malah, anjing bisa dilatih pikeun manggihan bom atawa narkoba. Manusa ngagunakeun panon pikeun mariksa aya naon di sakurilingna, ari anjing mah ngagunakeun irungna. Ku irungna, anjing bisa nyaho kaayaan di sakurilingna.

 Perhatikeun: Kamampuh anjing pikeun ngambeu téh rébuan kali leuwih hébat ti batan manusa. Ceuk Badan Nasional Standar dan Teknologi Amerika Serikat, anjing ”bisa ngabédakeun sababaraha unsur dina triliunan unsur séjénna. Ieu sarua jeung kamampuh pikeun ngasaan saparapat séndok téh gula nu geus pacampur jeung cai dina kolam renang pikeun Olimpiade.”

 Ku naon kamampuh ngambeu anjing bisa sakitu hébatna?

  •   Irung anjing téh baseuh, jadi bisa ngambeu leuwih loba partikel bau.

  •   Irung anjing téh boga dua saluran, hiji keur napas, hiji keur ngambeu. Jadi, udara téh asup ka hiji bagian dina rongga irungna nu aya sénsor pikeun ngambeu.

  •   Irung anjing boga bagian pikeun ngambeu nu ukuranana 130 séntiméter pasagi atawa leuwih, ari manusa mah ngan 5 séntiméter pasagi.

  •   Sél-sél sénsor anjing pikeun ngambeu téh bisa nepi ka 50 kali leuwih loba ti batan manusa.

 Ieu nu nyababkeun anjing bisa ngabédakeun unsur-unsur dina bau-bau nu pacampur. Contona, numutkeun para ahli, manusa bisa ngambeu seungitna sop, tapi anjing mah bisa ngabédakeun unggal bahan dina sop.

 Para panaliti di lembaga nu naliti panyakit kangker, Pine Street Foundation, nyebutkeun yén kombinasi digawéna uteuk jeung irung anjing téh jadi ”alat ngambeu nu pangcanggihna di bumi.” Para panaliti keur ngupayakeun pikeun nyieun alat éléktronik nu bisa ngadétéksi bom, barang-barang ilégal, jeung panyakit, kaasup kangker.

 Kumaha ceuk Sadérék? Naha kamampuh anjing dina ngambeu téh hasil tina évolusi? Atawa ieu dirancang?