Nu Ditulis ku Markus 12:1-44

  • Ibarat ngeunaan nu nyaréwa kebon nu jahat (1-12)

  • Allah jeung Kaisar (13-17)

  • Pananya ngeunaan jalma nu dihirupkeun deui (18-27)

  • Dua paréntah nu pangutamana (28-34)

  • Al-Masih téh putrana Daud kitu? (35-37a)

  • Ati-ati ka ahli-ahli Torét (37b-40)

  • Dua duit kencring ti randa miskin (41-44)

12  Tuluy Isa ngomong ka maranéhna maké ibarat, ”Saurang lalaki boga kebon anggur. Sakurilingna dipageran, tuluy manéhna nyieun bak keur meres anggur sarta ngabangun munara jaga. Geus kitu éta kebon diséwakeun sina digarap ku nu séjén, terus manéhna indit ka luar nagri. 2  Pas keur usum panén, manéhna nitah saurang pagawéna nyokot sabagian hasil tina kebon anggurna. 3  Tapi ku nu nyaréwa, pagawé éta kalah ka ditéwak, digebugan, jeung dititah indit bari teu dibéré nanaon. 4  Manéhna nitah deui pagawé séjén, nu ieu mah sirahna diteunggeul jaba dihina-hina. 5  Manéhna nitah deui nu séjén, nu ieu mah dipaéhan. Sanggeus éta loba deui nu dititah, tapi ku maranéhna aya nu diteunggeulan, aya ogé nu dipaéhan. 6  Kari saurang deui nu can dititah, anakna nu dipikanyaah. Ahirna, anakna dititah indit ka maranéhna. Ceuk pamikirna, ’Ka anak urang mah tangtu ngahormat.’ 7  Tapi nu nyaréwa kebon ngaromong kieu, ’Tuh tempo ahli warisna datang, hayu urang podaran ngarah warisanana jadi milik urang.’ 8  Ku kituna, anak nu boga kebon ditéwak, dipaéhan, jeung diséréd ka luareun kebon anggur. 9  Tah, naon nu bakal dilakukeun ku nu boga kebon? Manéhna bakal ngontrog jeung maéhan nu nyaréwa, tuluy kebonna diséwakeun ka nu séjén. 10  Maranéh pernah maca teu ayat ieu, ’Batu nu teu kapaké ku tukang bangunan geus jadi batu nu utama.* 11  Éta téh asalna ti Yéhuwa. Keur urang mah éta batu téh kacida éndahna’?” 12  Ngadéngé kitu, karasaeun ku maranéhna nu dimaksud dina ibarat éta téh maranéhna. Jadi maranéhna hayang néwak Isa, tapi teu wani da sieun ku jalma réa, tungtungna mah léos ninggalkeun Isa. 13  Geus kitu, maranéhna nitah sababaraha urang Farisi jeung anggota partéy Hérodés manggihan Isa supaya bisa néang-néang kasalahan tina omongan Isa. 14  Pas panggih, maranéhna nanya kieu, ”Guru, Guru téh pan jalma jujur, tara kapangaruhan ku omongan batur, jeung tara mandang jalma ti luarna hungkul, tapi Guru mah ngajarkeun nu bener ngeunaan Allah. Meunang teu urang mayar pajeg* ka Kaisar? 15  Bayar ulah pajegna?” Lantaran nyaho maranéhna munapék, Isa ngomong kieu, ”Ku naon maranéh bet ngadoja urang? Cik ka dieukeun duit dinar.”* 16  Ku maranéhna dibikeun. Tuluy Isa nanya, ”Gambar jeung ngaran saha ieu?” Maranéhna ngajawab, ”Kaisar.” 17  Ceuk Isa, ”Bayar ka Kaisar naon nu jadi hakna Kaisar, tapi bayar ka Allah naon nu jadi hakna Allah.” Maranéhna tarajubeun ka Isa. 18  Geus kitu, datang urang Saduki nu teu percaya jalma nu maot bisa dihirupkeun deui. Maranéhna nanya, 19  ”Guru, Musa nulis lamun saurang lalaki maot, ninggalkeun pamajikanana tapi teu boga budak, lanceuk atawa adi lalakina kudu kawin jeung pamajikan manéhna ngarah bisa neruskeun turunanana. 20  Tah, aya tujuh adi lanceuk. Nu panggedéna kawin, tapi waktu maot manéhna teu boga budak. 21  Pamajikanana dikawin ku nu kadua, tapi manéhna maot jeung sarua teu boga budak. Kitu ogé jeung nu katilu. 22  Kitu wéh terus nepi ka nu katujuh, kabéhanana maot jeung teu boga budak. Tungtungna, awéwé éta ogé maot. 23  Waktu dihirupkeun deui, awéwé éta jadi pamajikan saha? Sabab tujuhanana pernah kawin jeung awéwé éta.” 24  Isa ngomong ka maranéhna, ”Maranéh mah salah, sabab teu paham kana Kitab Suci jeung kana kawasa Allah. 25  Waktu nu maot dihirupkeun deui, euweuh lalaki nu kawin atawa awéwé nu dikawinkeun, tapi maranéhna siga malaikat di sorga. 26  Pernah maca teu dina kitab Musa carita ngeunaan rungkun cucuk? Allah ngomong ngeunaan dihirupkeunana nu maot basa ngomong kieu ka Musa, ’Kuring téh Allahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub.’ 27  Anjeunna téh Allahna jalma hirup, lain Allahna jalma paéh. Maranéh mah salah pisan.” 28  Salah saurang ahli Torét nu datang jeung milu ngadéngékeun maranéhna paadu omong, nyaho jawaban Isa téh keuna pisan. Manéhna nanya ka Isa, ”Ti sakabéh paréntah, mana nu pangpentingna?” 29  Isa ngajawab, ”Paréntah nu pangpentingna nyaéta, ’Daréngékeun Israél, Yéhuwa téh Allah urang, Yéhuwa téh ésa. 30  Maranéh ogé kudu nyaah ka Yéhuwa, Allah maranéh, ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa,* sakabéh pikiran, jeung sakuat tanaga.’ 31  Nu kadua nyaéta, ’Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.’ Euweuh paréntah nu leuwih penting tibatan dua paréntah ieu.” 32  Ahli Torét éta ngomong, ”Alus Guru, nu diomongkeun ku Guru téh sajalan jeung bebeneran ieu, ’Allah téh ésa, euweuh deui Allah nu séjén’. 33  Salian ti éta, nyaah ka Anjeunna ku sapinuhna haté, sakabéh pikiran, jeung sakuat tanaga, sarta nyaah ka sasama siga ka diri sorangan téh jauh leuwih penting tibatan kurban beuleuman jeung kurban sasatoan.” 34  Ngadéngé jawaban manéhna nu bijaksana, Isa ngomong ka manéhna, ”Manéh teu jauh ti Pamaréntahan Allah.” Ti dinya, euweuh deui nu wani nanya ka Isa. 35  Tapi, waktu Isa keur ngajar di bait, manéhna ngomong kieu, ”Ku naon para ahli Torét nyebutkeun Al-Masih téh putrana Daud? 36  Padahal ku bingbingan kawasa suci, Daud ngomong kieu, ’Ceuk Yéhuwa ka Juragan abdi, ”Diuk di katuhueun Kuring nepi ka Kuring nalukkeun kabéh musuh manéh di handapeun suku manéh.”’ 37  Daud nyebut manéhna Juragan, jadi mana bisa Al-Masih téh putrana?” Jalma réa raresepeun ngadéngékeun manéhna. 38  Manéhna neruskeun ngajarna, ”Ati-ati ka ahli-ahli Torét nu karesepna leuleumpangan di pasar-pasar bari maké jubah panjang jeung resep lamun jalma-jalma di dinya pada ngucapkeun salam. 39  Di tempat ibadah, maranéhna hayang diuk panghareupna.* Di hajatan gé, maranéhna hayang diuk di tempat keur jalma-jalma penting. 40  Maranéhna ngarampas imah* randa-randa, jeung doana pararanjang da hayang pamér. Nu siga kitu téh bakal narima hukuman nu leuwih parah.”* 41  Terus, Isa diuk nyanghareup ka kotak-kotak sumbangan. Manéhna merhatikeun jalma-jalma ngasupkeun duit ka kotak éta jeung loba jalma beunghar ngasupkeun loba duit. 42  Jol datang randa miskin, ngasupkeun dua duit kencring nu nilaina leutik pisan.* 43  Jadi, manéhna ngageroan murid-murid jeung ngomong, ”Tah, sabenerna nu diasupkeun ku randa miskin ieu leuwih loba tibatan duit nu diasupkeun kana kotak sumbangan ku kabéh jalma. 44  Sabab maranéhna mah nyumbang téh da boga duit leuwih, ari randa ieu mah miskin, nu disumbangkeun téh sakabéh duitna, sakabéh pangaboga keur nganapkahan dirina.”

Catetan Tambihan

As. ”batu nu di juru”.
Ieu téh pajeg nu kudu dibayar ku unggal jalma.
Atawa ”kahirupan; jiwa”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.
Atawa ”di tempat nu pangalusna”.
Atawa ”pangaboga”.
Atawa ”beurat”.
As. ”dua lépton, sarua jeung hiji kuadran”. Tingali ”Lépton” dina Daptar Istilah.