Nu Ditulis ku Markus 8:1-38

  • Isa méré dahar 4.000 lalaki (1-9)

  • Ménta tanda (10-13)

  • Ragi urang Farisi jeung ragi Hérodés (14-21)

  • Lalaki lolong dicageurkeun di Bétsaida (22-26)

  • Pétrus nyaho Isa téh Al-Masih (27-30)

  • Isa méré nyaho bakal dipaéhan (31-33)

  • Murid Isa nu sajati (34-38)

8  Harita, jalma réa ngarumpul deui. Maranéhna teu barogaeun dahareun. Jadi, Isa ngageroan murid-muridna jeung ngomong kieu, 2  ”Urang karunya ka maranéhna. Geus tilu poé aya di dieu, teu baroga dahareun. 3  Lamun dititah balik bari can dahar, maranéhna bakal kapaéhan di jalan, jaba aya nu imahna jarauh deuih.” 4  Tapi murid-muridna ngajawab, ”Tempat ieu téh jauh ti mamana. Di mana urang bisa meunang roti keur méré dahar jalma-jalma ieu?” 5  Manéhna nanya, ”Maranéh boga roti sabaraha hiji?” Ceuk murid-muridna, ”Aya tujuh.” 6  Tuluy Isa nitah jalma réa dariuk dina taneuh. Geus kitu, manéhna nyokot tujuh roti éta jeung ngucap sukur. Rotina disemplékan, dibikeun ka murid-muridna sina dibagikeun, tuluy ku maranéhna dibagikeun ka jalma réa. 7  Maranéhna gé boga sababaraha lauk leutik. Sanggeus ngucap sukur, Isa nitah maranéhna ngabagikeun laukna ogé. 8  Kabéh dahar nepi ka wareg. Geus kitu, sésana dikumpulkeun meunang tujuh tolombong* pinuh. 9  Harita aya kira-kira 4.000 lalaki. Geus kitu, maranéhna dititah balik. 10  Sanggeusna, Isa sarta murid-muridna naék parahu jeung nepi ka daérah Dalmanuta. 11  Kurunyung datang urang Farisi ngajak débat ka manéhna. Maranéhna ménta tanda ti sorga, pikeun nguji manéhna. 12  Isa haténa sedih pisan jeung ngomong, ”Ku naon jalma-jalma jaman ayeuna bet ménta tanda? Urang ngabéjaan, jalma-jalma ieu moal dibéré tanda.” 13  Maranéhna ditinggalkeun, tuluy Isa indit deui naék parahu ka peuntaseun. 14  Ari pék téh, murid-murid pohoeun mawa roti. Di parahu ngan aya roti sasiki, euweuh dahareun séjén. 15  Isa mépélingan maranéhna, ”Sing ati-ati jeung waspada kana ragi urang Farisi jeung ragi Hérodés.” 16  Jadi, maranéhna raribut lantaran teu mawa roti. 17  Ngadéngé kitu, Isa ngomong, ”Ku naon bet ngaributkeun teu mawa roti? Maranéh can ngarti jeung paham kénéh? Ieu téh can katepi ku pikiran maranéh, kitu? 18  ’Sakitu baroga panon, maranéh teu ningali; sakitu baroga ceuli, maranéh teu ngadéngé?’ Inget kénéh teu, 19  basa urang méré dahar 5.000 lalaki ku lima roti, maranéh ngumpulkeun sésana sabaraha karanjang?” Maranéhna ngajawab, ”Dua belas.” 20  ”Basa urang méré dahar 4.000 lalaki ku tujuh roti, maranéh ngumpulkeun sésana sabaraha tolombong?”* Maranéhna ngajawab, ”Tujuh.” 21  Manéhna ngomong deui, ”Maranéh can ngarti kénéh?” 22  Maranéhna nepi ka Bétsaida. Di dinya, aya lalaki lolong nu dibawa ka Isa. Jalma-jalma ménta Isa nyageurkeun manéhna. 23  Lalaki lolong éta ditungtun ku Isa, dibawa ka luar kampung. Geus kitu, Isa nyiduh kana panonna, tuluy ngusap panonna bari nanya, ”Cik, manéh nempo naon?” 24  Lalaki éta ningali ka hareup tuluy ngomong, ”Ningali jelema, tapi siga tatangkalan nu leuleumpangan.” 25  Panonna diusap deui ku Isa. Bray waé, manéhna bisa ningali, panonna jadi awas jeung cékas. 26  Tuluy, manéhna dititah balik bari diomongan, ”Ulah asup ka kampung.” 27  Geus kitu, Isa jeung murid-muridna indit ka kampung-kampung di Kaisaréa Filipi. Di jalan, manéhna nanya kieu ka murid-muridna, ”Ari ceuk batur, urang téh saha?” 28  Maranéhna ngajawab, ”Yahya Jurubaptis, tapi  aya nu nyebutkeun Élia, aya ogé nu nyebutkeun salah sahiji nabi.” 29  Manéhna nanya deui, ”Ari ceuk maranéh, urang téh saha?” Pétrus ngajawab, ”Guru téh Al-Masih.” 30  Terus, manéhna ngalarang murid-murid bébéja ka sasaha ngeunaan dirina. 31  Manéhna gé mulai ngajarkeun yén Putra manusa kudu ngalaman loba kasangsaraan jeung ditolak ku para pamingpin, imam-imam kapala, jeung ahli Torét, tuluy dipaéhan, sarta hirup deui tilu poé sanggeusna. 32  Manéhna téh ngajelaskeunana terang-terangan pisan. Ku kituna, Isa ditarik ka sisi ku Pétrus tuluy ditegor. 33  Tapi, Isa malik, ningali ka murid-muridna jeung ngabentak Pétrus, ”Nyingkah ka tukang, Sétan! Pikiran manéh téh pikiran manusa, lain pikiran Allah.” 34  Tuluy Isa ngumpulkeun jalma-jalma jeung murid-muridna sarta ngomong kieu, ”Saha waé nu hayang nuturkeun urang, teu meunang nuturkeun kahayangna sorangan, kudu manggul tihang siksaan* siga urang, jeung terus nuturkeun urang. 35  Sabab saha waé nu hayang nyalametkeun nyawana bakal kaleungitan nyawana, tapi saha waé nu kaleungitan nyawana demi urang jeung demi warta hadé bakal hirup deui. 36  Sok, naon untungna saurang jalma boga sagala hal di dunya ieu tapi kaleungitan nyawana? 37  Mémangna naon nu rék dibikeun keur ngagantian nyawana? 38  Saha waé nu éra jadi murid urang jeung éra lantaran percaya kana kekecapan urang di hareupeun jalma-jalma jaman ayeuna nu teu satia* jeung darosa ieu, Putra manusa gé bakal éra narima manéhna waktu Putra manusa datang dina kamulyaan Bapana bareng jeung malaikat-malaikat suci.”

Catetan Tambihan

Atawa ”karanjang gedé”.
Atawa ”karanjang gedé”.
As. ”tukang jinah”.