Siloka 28:1-28
28 Nu jahat mah euweuh nu ngudag gé ngabecir,Ari jalma bener mah wanian kawas singa.*
2 Lamun rahayat barontak* di hiji nagri, pangawasana gunta-ganti baé,Tapi ku bantuan jalma nu boga pangarti jeung kanyaho,* saurang pangawasa* bakal lila ngawasana.
3 Jalma miskin nu nipu jalma leutik téhIbarat hujan nu malidkeun sakabéh hasil panén.
4 Teu taat kana hukum téh tanda muji ka nu jahat,Ari nu ngajalankeun hukum mah ambek ka maranéhna.
5 Jalma jahat mah moal ngarti kana kaadilan,Sabalikna nu néangan pitulung Yéhuwa mah bisa ngarti sagala rupa.
6 Leuheung kénéh miskin tapi bersih hirupna*Tibatan beunghar tapi bejad kalakuanana.
7 Budak anu boga pangarti téh taat kana hukum,Tapi budak nu nyobat jeung jalma nu hawek kana dahareun mah ngérakeun bapana.
8 Jelema anu beuki beunghar ku cara meunangkeun bunga jeung bati nu teu jujur,Kabeungharanana bakal jadi milik jalma nu nyaah ka nu miskin.
9 Jelema nu teu taat kana hukum,Doana gé dipikageuleuh ku Allah.
10 Nu nyasabkeun jalma bener sangkan nyieun kajahatan bakal keuna ku jiretna sorangan,Tapi nu bersih tina kasalahan mah bakal meunang nu haradé.
11 Jalma beunghar téh sok asa aing bijaksana,Tapi jalma miskin nu boga pangarti mah bisa nyaho sipat asli éta jalma.
12 Mun jalma bener meunang kaunggulan, jalma-jalma galumbira,Tapi mun jalma jahat nyekel kawasa, jalma-jalma nyarumput.
13 Nu nyumputkeun dosa moal bisa salilana nyumputkeun dosana,Tapi lamun ngaku dosa tuluy tobat tangtu dipikawelas.
14 Jalma nu terus ngajaga kalakuanana* bakal bagja,Sabalikna nu haténa teuas mah tangtu cilaka.
15 Pangawasa jahat anu nindes jalma leutik téhIbarat singa nu guar-gaur sarta biruang nu rék ngarontok.
16 Pamingpin nu teu boga pangarti téh sok sawenang-wenang,Tapi jalma nu teu resep kana kauntungan nu teu jujur mah bakal panjang umur.
17 Jalma nu dibeungbeuratan ku dosa lantaran geus maéhan batur bakal diudag-udag nepi ka liang kubur.
Keun wéh antep, ulah ditulungan.
18 Jalma nu hirupna euweuh cacadna bakal disalametkeun,Tapi nu hirupna teu bener bakal ujug-ujug tijungkel.
19 Jalma nu ngolah tanahna bakal boga loba dahareun,Tapi nu ngudag perkara-perkara nu euweuh gunana bakal malarat.
20 Jalma nu satia bakal meunang loba berkah,Tapi nu hayang gancang beunghar mah pasti nyieun kasalahan.
21 Beurat sabeulah téh teu hadé,Tapi jalma bisa waé nyieun kasalahan siga kitu demi roti sasiki.
22 Jalma nu sarakah* mah bébéakan hayang beunghar,Manéhna teu nyahoeun bakal malarat.
23 Jalma nu ngélingan batur tungtungna bakal leuwih dipikaresepTibatan nu muji-muji tapi teu iklas.
24 Jelema nu maok ti indung bapana tapi ngomong, ”Teu salah da éta mah,”
Nu kitu téh sobatna bangsat.
25 Jalma nu sarakah* téh nyiar-nyiar pipaséaeun,Tapi nu ngandelkeun Yéhuwa mah bakal makmur.
26 Jalma nu percaya kana haté sorangan téh bodo,Tapi nu tindakanana bijaksana mah bakal salamet.
27 Nu resep barangbéré ka nu miskin moal kakurangan nanaon,Tapi nu api-api teu ningali ka nu miskin mah loba nu nyumpahan.
28 Mun nu jarahat nyekel kawasa, jalma-jalma nyarumput.
Tapi mun maranéhna binasa, jalma bener beuki nambahan.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”singa ngora”.
^ Atawa ”ngalanggar hukum”.
^ Atawa ”pangaweruh”.
^ As. ”manéhna”.
^ Atawa ”satia”.
^ Atawa ”ngarasa sieun ka Allah”.
^ Atawa ”sirik”.
^ Atawa bisa jadi ”sombong”.