TETEP TABAH WAKTU DITINGGAL MAOT
Peurihna Ditinggal Maot
”Waktu Sofia a ngantunkeun lantaran geus lila gering, urang duaan téh geus nikah leuwih ti 39 taun. Babaturan abdi terus ngadukung abdi. Abdi gé ngupayakeun supaya boga loba kagiatan. Tapi aya meureun dina sataun mah parasaan abdi téh ancur pisan. Parasaan abdi gé sok gancang barobah, sakapeung bungah sakapeung sedih. Ayeuna téh geus ampir tilu taun ti saprak Sofia ngantunkeun, tapi abdi masih kénéh sok ujug-ujug ngarasa sedih pisan.”—Kostas.
Pernah teu Anjeun ditinggal maot ku jalma nu dipikanyaah? Mun pernah, Anjeun meureun ngarasakeun naon nu dirasakeun ku Kostas. Waktu batur hirup, kulawarga, atawa sobat urang maot, karasana téh peurih pisan. Salah sahiji artikel dina The American Journal of Psychiatry ngajelaskeun yén ditinggal maot ku nu dipikanyaah téh pangalaman nu kacida peurihna lantaran moal bisa panggih deui jeung manéhna. Bisa jadi, jalma nu keur sungkawa téh mikir, ’Bakal nepi ka iraha abdi ngarasa siga kieu? Abdi bisa bungah deui teu? Kumaha supaya abdi henteu teterusan sedih?’
Jawabanana bakal dibahas dina majalah Éling! ieu. Artikel saterusna bakal ngabahas hal-hal naon waé nu bisa kaalaman ku Anjeun mun kakara dikantunkeun. Artikel-artikel séjénna gé bakal ngabahas naon waé nu bisa dilakukeun supaya Anjeun henteu teterusan sedih.
Abdi sadaya miharep sangkan majalah ieu bisa nguatkeun jeung mantuan saha waé nu ngalaman peurihna ditinggal maot.
a Sababaraha ngaran dina majalah ieu téh geus dirobah.