Kumaha Supaya Doa Urang Didéngé ku Gusti?
Yéhuwa téh Gusti anu ”ngamakbul kana paneda”. (Jabur 65:3) Urang bisa ngadoa di mana waé, iraha waé, diucapkeun, atawa dina jero haté. Yéhuwa téh Bapa nu pangbageurna. Yéhuwa hayang urang manggil ”Ama” ka Mantenna. (Mateus 6:9) Yéhuwa ngajar urang carana ngadoa jeung carana supaya doa urang didéngé.
NGADOA KA YÉHUWA KU JALAN ISA ALMASIH
”Maraneh rek nyuhunkeun naon bae anu disuhunkeunana nyebut ngaran Kami, ku Rama tan wande dikabul.”—Yohanes 15:16.
Kekecapan Isa di luhur nunjukkeun, Yéhuwa hayang urang ngadoa ka Mantenna ku jalan Isa Almasih, lain ku jalan malaikat, patung, jalma-jalma nu dianggap suci, atawa karuhun nu geus maot. Ku nyebutkeun ngaran Isa dina ahir doa, hartina urang ngakukeun Isa salaku perantara urang. Ceuk Isa, ”Lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.”—Yohanes 14:6.
NGADOA TINA HATÉ
”Wakcakeun sakabeh kasusah ka Mantenna.”—Jabur 62:9.
Waktu ngadoa, cara urang ngomong téh sakuduna siga cara urang ngomong ka bapa nu nyaahan. Urang moal maca doa tina buku, atawa ngucapkeun doa nu geus diapalkeun. Sabalikna, urang bakal nyarita sakaluarna tina haté, bari tetep nunjukkeun rasa hormat urang.
NGADOA SAJALAN JEUNG KAHAYANG GUSTI
”Mantenna kersa ngadangukeun naon bae panuhun urang anu sapuk jeung pangersa-Na.”—1 Yohanes 5:14.
Dina Firman-Na, Yéhuwa nyingkabkeun naon waé nu bakal dilakukeun Mantenna jeung naon nu dipiharep ku Mantenna ti urang. Supaya doa urang ditarima ku Gusti, urang kudu ngadoa ”sapuk jeung pangersa-Na”. Kumaha carana? Pék diajar Kitab Suci sangkan bener-bener kenal ka Yéhuwa. Ku kituna, doa-doa urang pasti didéngékeun ku Gusti.
NAON WAÉ NU BISA DIDOAKEUN?
Pangabutuh Sapopoé. Urang bisa ngadoakeun pangabutuh sapopoé saperti dahareun, papakéan, jeung panyicingan. Urang ogé bisa ngadoa ménta kabijaksanaan pikeun nyieun putusan sarta ménta dikuatkeun supaya tabah nyanghareupan cocoba. Dina doa gé, urang bisa ménta dikuatkeun imanna, dihampura, jeung ditulungan ku Allah.—Lukas 11:3, 4, 13; Yakobus 1:5, 17.
Kulawarga jeung Babaturan. Saurang kolot pasti resep lamun barudakna silih pikanyaah. Urang téh barudakna Yéhuwa. Gusti miharep urang kabéh silih perhatikeun jeung silih pikanyaah. Jadi urang perlu ngadoakeun batur hirup, kulawarga, barudak, atawa babaturan urang. Ceuk Rasul Yakobus, ”Sing silih doakeun.”—Yakobus 5:16.
Ngucapkeun Sukur. Kitab Suci nyebutkeun kieu ngeunaan Gusti urang, ”Sagala padamelana-Na anu harade pikeun aranjeun, nya eta: nurunkeun hujan ti langit, maparin musim hasil bumi, maparin dahareun, jeung nyenangkeun hate aranjeun.” (Rasul 14:17) Lamun urang nginget-nginget kabéh nu geus dilakukeun Gusti keur urang, urang tangtu jadi hayang ngucapkeun rasa sukur ka Gusti. Tangtu urang ogé hayang nunjukkeun rasa sukur urang ku cara taat ka Gusti.—Kolosa 3:15.
SING SABAR JEUNG ULAH EUREUN NGADOA
Sakapeung urang bisa ngarasa leutik haté lamun doa urang teu langsung dijawab, padahal urang geus enya-enya ngadoa. Tapi, na éta hartina Gusti teu paduli ka urang? Henteu! Perhatikeun sababaraha pangalaman nu nunjukkeun pentingna terus ngadoa.
Steve, nu disebutkeun dina awal artikel nyarita, ”Mun baheula urang eureun ngadoa, urang pasti geus nyerah.” Ku naon Steve bisa teu nyerah? Lantaran diajar Kitab Suci, Steve jadi paham pentingna terus ngadoa. Manéhna ngomong, ”Dina doa, urang nganuhunkeun ka Gusti sabab urang boga babaturan nu nyaahan jeung terus ngadukung urang. Ayeuna, urang jadi leuwih bagja.”
Kumaha jeung Jenny, nu pernah ngarasa teu layak ngadoa ka Gusti? Manéhna ngomong, ”Waktu ngarasa diri teu hargaan pisan, abdi ménta sangkan Gusti ngabantu abdi paham ku naon abdi téh ngarasa kitu.” Naon pangaruhna? ”Sanggeus nyarita ka Gusti, abdi jadi ngarti kumaha pandangan Gusti ka abdi. Najan haté abdi masih kénéh nyalahkeun abdi, Gusti mah henteu. Abdi jadi henteu babari nyerah.” Naon hasilna? ”Sanggeus sering ngadoa, abdi jadi sadar, geuning Yéhuwa téh Gusti, Bapa, jeung Sobat nu nyaahan pisan. Mun abdi terus ngalakukeun kahayang-Na, Yéhuwa pasti terus ngadukung jeung nulungan abdi.”
Perhatikeun pangalaman Isabel. Waktu dibéré nyaho mun engké orokna bakal cacad, haténa ancur pisan. Malah, aya nu ngajurung manéhna ngagugurkeun kandunganana. Isabel ngungkabkeun, ”Saking ku nalangsana haté abdi, asana téh siga nu rék paéh.” Naon nu dilakukeun ku manéhna? ”Abdi ngadoa, jeung ngadoa deui, ménta ditulungan ku Gusti.” Ahirna manéhna ngalahirkeun orokna, nu dingaranan Gerard. Na Isabel ngarasa Gusti ngajawab doana? Enya! Ceuk Isabel, ”Ayeuna budak abdi geus 14 taun. Mémang awakna mah cacad, tapi manéhna tetep bungah. Ningali Gerard, karasa Gusti téh ngajawab doa-doa abdi. Budak abdi téh berkah nu paling istiméwa nu pernah dibéré ku Yéhuwa.”
Pangalaman-pangalaman éta tangtu ngingetkeun urang kana kekecapan dina jabur ieu, ”Nun PANGERAN, Gusti kersa ngadangu panyambatna jalmi laip, negerkeun hatena.” (Jabur 10:17) Ieu tangtu ngajurung urang pikeun henteu eureun-eureun ngadoa!
Kitab Suci ngamuat doa-doa Isa. Hiji conto doa nu panghadéna téh doa nu diajarkeun ku Isa ka murid-muridna. Urang bisa diajar naon tina doa éta?