Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.”​—Yakobus 4:8

Na Doa Urang Didéngékeun ku Gusti?

Na Doa Urang Didéngékeun ku Gusti?

Ceuk Sadérék, Gusti téh ngadéngékeun doa urang teu? Loba jalma ngadoakeun masalahna ka Gusti, tapi éta teu leungit-leungit. Na éta hartina Gusti teu ngadéngékeun doa-doa urang? Henteu! Kitab Suci ngayakinkeun urang yén Gusti ngadéngékeun doa urang lamun ngadoana ku cara nu bener. Perhatikeun naon nu disebutkeun ku Kitab Suci ngeunaan doa.

GUSTI HAYANG NGADÉNGÉKEUN.

”Gusti ngamakbul kana paneda, jalmi ti mana-mana bakal darongkap.”​—Jabur 65:3.

Sababaraha jalma ngarasa haténa jadi leuwih ngemplong sanggeus ngadoa. Padahal maranéhna teu bener-bener yakin aya nu ngadéngékeun. Tapi, doa téh lain ngan saukur obat penenang nu bisa ngabantu urang kuat nyanghareupan masalah. Kitab Suci ngayakinkeun urang, ’Mantenna * deukeut ka sakur anu sasambatna enya-enya. . . . kersa ngadangu sarta nyalametkeun sakur nu jumerit ka Mantenna.’​—Jabur 145:18, 19.

Ku kituna, urang bisa yakin mun Yéhuwa téh ngadéngékeun doa hamba-Na. Yéhuwa nu nyaah ka urang nyebutkeun, ”Maraneh, bakal daraek ngumaha ka Kami. Maraneh tangtu daratang mawa paneda, ku Kami ge tangtu dimakbul.”​—Yermia 29:12.

GUSTI RESEP LAMUN URANG NGADOA KA MANTENNA.

”Sing rajin neneda.”​—Rum 12:12.

Kitab Suci ngayakinkeun urang supaya ”neneda saban waktu” jeung ngadoa dina unggal kaayaan. Jelas, Yéhuwa téh hayang urang ngadoa ka Mantenna.​— 1 Tesalonika 5:17; Epesus 6:18.

Ku naon Gusti daék ngadéngékeun doa urang? Bayangkeun saurang budak ngomong ka bapana, ”Pa, tulungan abdi nya.” Pasti bapana resepeun. Sabenerna bapana geus nyaho pangabutuh jeung parasaan budakna. Tapi waktu kolot ngadéngé sorangan paménta budakna, kolotna resep ku sabab budakna percaya jeung ngarasa deukeut ka bapana. Kitu ogé, waktu urang ngadoa ka Yéhuwa, éta némbongkeun yén urang téh percaya ka Yéhuwa jeung hayang ngaraket ka Mantenna.​—Siloka 15:8; Yakobus 4:8.

GUSTI BENER-BENER MERHATIKEUN SADÉRÉK.

”Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.”​—1 Petrus 5:7.

Ku sabab nyaah jeung merhatikeun urang, Gusti hayang urang ngadoa ka Mantenna. Waktu urang keur hariwang jeung sedih, Gusti téh apal jeung hayang nulungan urang.

Sapanjang hirupna, Raja Daud sering ngadoa ménta bantuan ka Gusti Yéhuwa. Daud ogé osok nyaritakeun eusi haté jeung pikiranana. (Jabur 23:1-6) Naon nu dirasakeun Gusti? Gusti nyaah ka Daud jeung ngadéngékeun doa-doana. (Rasul 13:22) Kitu ogé, Gusti ngadéngékeun doa-doa urang lantaran Gusti merhatikeun urang.

”KAULA NYAAH KA PANGERAN, SABAB KERSAEUN NGADANGU KA KAULA”

Éta téh kekecapan saurang jalma nu nulis jabur dina Kitab Suci. Lantaran yakin Gusti téh ngadéngékeun doa-doana, manéhna ngarasa deukeut jeung Gusti. Manéhna jadi kuat nyanghareupan kasusah jeung kasedih.​—Jabur 116:1-9.

Lamun urang yakin doa-doa urang didéngékeun ku Gusti, urang jadi resep ngadoa ka Mantenna. Perhatikeun pangalaman Pedro nu cicing di kaléreun Spanyol. Budakna Pedro nu umurna masih 19 taun maot dina kacilakaan. Pedro teterusan ngadoa. Dina doana, Pedro ngabudalkeun kasedihna sarta ménta dikuatkeun jeung dililipur. Kumaha Gusti ngajawab doana? Ceuk Pedro, ”Yéhuwa méré kakuatan jeung panglilipur ka abdi jeung pamajikan liwat sadérék-sadérék Kristen séjénna.”

Seringna, doa urang dijawab liwat babaturan jeung kulawarga nu nguatkeun jeung ngalilipur urang

Sanajan doa Pedro teu bisa ngahirupkeun deui budakna, tapi doana ngabantu Pedro jeung kulawargana. Pamajikanana, nyaéta María Carmen, ngomong, ”Doa ngabantu abdi nyanghareupan kasedih. Abdi yakin Yéhuwa téh paham kana eusi haté abdi, ku sabab sanggeus ngadoa abdi ngarasa tenang jeung tengtrem.”

Boh nu dijelaskeun ku Kitab Suci boh pangalaman jalma-jalma, kabéhanana ngabuktikeun lamun Gusti ngadéngékeun doa jalma-jalma. Tapi, Gusti teu ngajawab kabéh doa. Ku naon aya doa nu dijawab, tapi aya ogé nu teu dijawab ku Gusti?

^ par. 5 Mantenna ngamaksudkeun Gusti Allah nu nami-Na Yéhuwa.​—Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru.