PANGALAMAN HIRUP
”Ayeuna mah Abdi Resep Pisan Dines!”
ABDI digedékeun di kota Balclutha di Pulau Selatan, Selandia Baru. Pas keur leutik, abdi nyaah ka Yéhuwa sarta resep jadi Saksi. Abdi resep masamoan sabab sadérék-sadérék téh balageur. Abdi jadi ngarasa aman jeung senang. Mémang abdi téh jalmana éraan, tapi abdi resep dines unggal minggu. Abdi gé wani ngawawar ka batur sakola jeung ka saha waé. Terus abdi dibaptis pas umur 11 taun.
ABDI TEU BUNGAH DEUI
Tapi pas rumaja, abdi ngajauh ti Yéhuwa. Abdi ningali, babaturan sakola mah asa bébas pisan. Abdi jadi kabita. Ari abdi mah teu bébas lantaran kudu nuturkeun aturan ti kolot jeung prinsip Alkitab. Ngalayanan Yéhuwa gé asa beurat pisan. Mémang sih abdi yakin Yéhuwa téh aya, tapi da asa teu deukeut.
Abdi téh dines mah dines, tapi nya saayana wé tara persiapan. Jadi mun ngajak ngobrol batur téh hésé. Jeung mun geus ngobrol, sok bingung teu nyaho kudu ngomong naon deui. Ku kituna abdi jadi beuki horéam dines, sabab teu bungah. Abdi gé sok héran, ari batur mah mani leukeun dines terus, teu bosen kitu?
Waktu umur 17, abdi bener-bener hayang bébas. Jadi abdi ninggalkeun imah, terus pindah ka Australia. Kolot abdi sedih jeung hariwang. Tapi maranéhna mikir, abdi bakal terus ngalayanan Yéhuwa.
Hanjakalna, di Australia abdi kalah ka beuki jauh jeung Yéhuwa. Abdi sok bolos
masamoan. Di sidang gé, abdi deukeutna jeung babaturan nu sarua jiga abdi. Ka pasamoan mah osok, tapi ka diskotik ogé sering. Mun diinget-inget deui, baheula abdi téh ngadua haté. Ka bebeneran ongkoh, ka dunya ogé ongkoh.TEU DISANGKA-SANGKA, TAPI NANCEB KANA HATÉ
Kira-kira dua taun sanggeusna, abdi panggih jeung saurang sadérék istri. Ti saprak harita, abdi jadi mikirkeun deui jalan hirup abdi. Jadi kieu, harita téh abdi saimah jeung lima sadérék istri nu léngoh kénéh. Urang ngondang pangawas wilayah jeung pamajikanana, nyaéta Tamara, pikeun mondok di imah urang salila saminggu. Basa pangawas wilayah sibuk ngurus urusan sidang, Tamara gaul jeung urang. Mani resep téh, urang seuseurian bareng. Manéhna teu sombong jeung gampang diajak ngobrol. Abdi mikir, geuning jalma nu sibuk ngawula Yéhuwa gé bisa pikaresepeun jiga kitu.
Tamara téh jelemana sumanget pisan. Sumangetna népa ka batur. Terus dina palayanan gé, manéhna sapinuh haté. Éta nyieun manéhna bagja. Ari abdi mah teu bagja, da abdi satengah-satengah. Tuladan manéhna ngarobah abdi. Abdi jadi mikirkeun hiji ayat, Yéhuwa hayang urang kabéh ngalayanan Mantenna ”bari jeung suka” sarta ”gumbira”.—Jab. 100:2.
JADI SUMANGET DEUI NGAWAWAR
Abdi gé hayang bagja jiga Tamara. Tapi ngarah bisa kitu, abdi kudu barobah. Mémang butuh waktu, tapi abdi barobah saeutik-saeutik. Misalna saacan dines, abdi persiapan heula. Abdi gé osok naratas ékstra. Ku kituna, abdi jadi percaya diri jeung teu geumpeur. Dines gé jadi pikaresepeun ku sabab abdi jadi leuwih sering mukakeun ayat Alkitab ka batur. Ahirna, abdi naratas ékstra unggal bulanna.
Abdi mulai deukeut jeung sadérék-sadérék nu sumanget sarta sapinuh haté
dina palayanan. Abdi jadi mikirkeun deui naon anu kudu diutamakeun dina kahirupan. Abdi gé jadi getol maca Alkitab unggal poé. Dines gé jadi beuki resep. Terus, abdi jadi panaratas biasa. Sanggeus sababaraha taun, ahirna abdi ngarasa bagja jeung aman deui di sidang.MANGGIHAN BATUR DINES KEUR SAUMUR HIRUP
Sataun sanggeusna, abdi panggih jeung Alex. Manéhna téh bageur, nyaah ka Yéhuwa, jeung sumanget dina palayanan. Harita Alex téh saurang palayan sidang, sarta geus genep taun jadi panaratas biasa. Terus manéhna gé pernah ngalayanan di Malawi, tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. Di ditu, manéhna gaul jeung para utusan injil. Jadi, Alex boga tuladan keur dipiconto. Manéhna gé dibéré sumanget pikeun terus ngutamakeun palayanan dina kahirupanana.
Taun 2003, urang duaan nikah. Sanggeus nikah, urang duaan terus naratas. Urang meunang loba palajaran nu alus, sarta terus diberkahan ku Yéhuwa.
DILIMPAHAN KU BERKAH
Dina taun 2009, urang duaan diondang jadi utusan injil di Timor Leste. Éta téh hiji nagri leutik nu aya di kapuloan Indonesia. Nya teu nyangka nya senang, tapi degdegan ogé. Lima bulan sanggeusna, urang geus aya di Dili, ibu kotana Timor Leste.
Budaya, basa, dahareun, jeung lingkungan di ditu téh béda pisan jeung di tempat urang saacanna. Pas dines gé, urang sering panggih jeung jalma nu hirupna susah, teu sakola, jeung miskin. Loba nu cacad jeung kasieunan lantaran perang jeung kakerasan. *
* Hirupna téh mani karunya. Indungna geus maot sababaraha taun katukang, terus manéhna jarang panggih jeung bapana. Jiga barudak sapantaranana, Maria téh can boga tujuan hirup. Sakali waktu, manéhna nyarita bari ceurik ngagukguk. Tapi abdi teu ngarti manéhna téh ngomong naon, da abdi can pati lancar basana. Jadi, abdi ngadoa ka Yéhuwa supaya abdi bisa nguatkeun Maria. Geus kitu, abdi macakeun sababaraha ayat keur manéhna. Sababaraha taun sanggeusna, abdi ningali bebeneran ngarobah kahirupanana. Manéhna jadi leuwih bagja, dangdananana ogé barobah. Maria dibaptis, jeung ayeuna geus boga palajar Alkitab sorangan. Maria gé boga kulawarga rohani jeung ngarasa dipikanyaah.
Dines di ditu téh luar biasa pisan. Contona, sakali waktu abdi panggih jeung budak awéwé umur 13 taun nu ngaranna Maria.Yéhuwa téh ngaberkahan kagiatan pangwawaran di Timor Leste. Sanajan kalolobaan pawarta di ditu kakara dibaptis dina sapuluh taun ieu, tapi loba nu geus jadi panaratas, palayan sidang, jeung kokolot. Aya ogé nu digawé di kantor panarjamahan pikeun nyadiakeun dahareun rohani dina basa daérah. Abdi bungah pisan lantaran bisa ngadéngé maranéhna ngawih dina pasamoan, ningali maranéhna bagja, sarta ningali maranéhna nyobat jeung Yéhuwa.
KABAGJAAN NU TAYA TANDINGNA
Kahirupan urang di Timor Leste téh béda pisan jeung kahirupan urang di Australia, tapi abdi bagja pisan. Kadang urang kudu pasedek-sedek naék angkot, jabaning di angkot téh sok aya nu mawa lauk asin jeung ngagémbol sayuran ti pasar. Terus, urang gé kudu mandu palajaran Alkitab di imah anu geus mah leutik, udarana gé panas ngahéab. Lanténa kotor, jeung loba hayam kukulintingan. Tapi sanajan kitu, abdi tetep mikir ieu téh luar biasa pisan.
Mun nginget-nginget deui kahirupan abdi baheula, abdi nganuhunkeun pisan ka kolot abdi. Maranéhna téh geus sabisa-bisa ngajarkeun bebeneran jeung ngadukung abdi, pangpangna pas abdi keur ngajauh ti Yéhuwa. Abdi ngarasakeun benerna kekecapan dina Siloka 22:6. Ayeuna, si Mamah jeung si Bapa téh atoheun ningali abdi jeung Alex sabab bisa kapaké ku Yéhuwa. Ti saprak 2016, abdi maturan Alex nu ngalayanan jadi pangawas wilayah di wilayah cabang Australasia.
Mun dipikir-pikir deui, asa anéh nya baheula abdi nganggap pangwawaran téh ngabeungbeurat. Ayeuna mah abdi resep pisan dines! Abdi jadi paham, teu sual kumaha kaayaan abdi, rék senang rék susah, mun sapinuh haté ngalayanan Yéhuwa mah abdi bakal bener-bener bagja. Salila 18 taun ieu, abdi bener-bener bagja lantaran abdi jeung Alex bisa ngalayanan Yéhuwa. Ayeuna, abdi ngarti kumaha parasaan Daud waktu ngomong kieu ka Yéhuwa, ”Dupi anu milari salamet ka Gusti mah bakal saruka, tiasa nyaranyi suka bungah salamina. . . . Sugri anu nyaah ka Gusti . . . ngaraos suka ku karana Gusti.”—Jab. 5:12.