Pindah kana eusi

Sabaraha Loba Jumlah Saksi-Saksi Yéhuwa di Sakuliah Dunya?

Sabaraha Loba Jumlah Saksi-Saksi Yéhuwa di Sakuliah Dunya?

Laporan Taun Dines 2023

Jumlah Saksi-Saksi Yéhuwa di Sakuliah Dunya

8.816.562

Jumlah sidang jamaah

118.177

Nagri di mana Saksi-Saksi Yéhuwa ngawawar

239

Jumlah Total 2023

Laporan ti Nagri jeung Daérah 2023

Saha waé nu diitung sabagé anggota Saksi Yéhuwa téh?

 Nu diitung sabagé Saksi Yéhuwa téh nyaéta nu nguarkeun warta hadé ngeunaan Karajaan Allah unggal bulanna. (Matius 24:14) Ieu téh kaasup nu geus dibaptis sabagé Saksi sarta nu can dibaptis tapi nyumponan sarat pikeun milu nguarkeun warta hadé.

Pikeun jadi anggota, urang kudu nyumbangkeun duit?

 Henteu. Lamun nyumbang, lain hartina hiji jalma bisa jadi Saksi atawa meunang tugas istiméwa di sidang jamaah. (Kisah 8:18-​20) Malah, nu nyumbang téh teu nyebutkeun ngaranna. Unggal Saksi Yéhuwa, gumantung kahayang jeung kaayaanana, nyumbangkeun waktu, tanaga, jeung pangabogana pikeun ngadukung pagawéan di sakuliah dunya.​—2 Korintus 9:7.

Ti mana urang nyaho jumlah Saksi nu rutin nguarkeun warta hadé?

 Unggal bulan, Saksi Yéhuwa sacara sukaréla ngalaporkeun palayananana dina nguarkeun warta hadé ka sidang jamaah masing-masing.

 Laporanana diitung ku sidang-sidang, terus jumlahna dikirim ka kantor cabang. Kantor cabang ngitung jumlah laporan di nagri atawa wilayahna masing-masing, terus hasilna dikirim ka kantor pusat.

 Dina unggal ahir taun dines, a puncak jumlah Saksi ti unggal nagri diitung. Hasil-hasil ti unggal nagri dijumlahkeun kabéh pikeun nangtukeun sabaraha loba Saksi di sakuliah dunya. Laporan rinci ti unggal nagri aya dina bagian ”Sakuliah Dunya” di situs Internét urang. Saperti laporan nu nguatkeun urang Kristen di abad kahiji, laporan ieu gé nguatkeun urang.​—Kisah 2:41; 4:4; 15:3.

Lamun milu ibadah tapi teu nguarkeun warta hadé, naha enya diitung sabagé Saksi Yéhuwa?

 Maranéhna teu diitung sabagé Saksi Yéhuwa, tapi urang resep ngabagéakeun maranéhna di sidang jamaah. Kalolobaan ti maranéhna hadir ka acara Pangéling-ngéling pupusna Nabi Isa. Urang bisa nyaho jumlah maranéhna ku cara ngitung jumlah hadirin dikurangan jumlah Saksi. Dina taun 2023, jumlah nu hadir di acara Pangéling-ngéling téh aya 20.461.767 jalma.

 Loba jalma meunang mangpaat tina program pangajaran Alkitab haratis di imah sanajan can miluan ibadah jeung urang. Dina taun 2023, rata-rata nu diajar Alkitab unggal bulan téh aya 7.281.212 jalma. Aya Saksi nu ngajarkeun Alkitab langsung ka sababaraha jalma dina waktu nu sarua.

Ku naon jumlah Saksi Yéhuwa dina sénsus pamaréntah téh leuwih loba?

 Badan sénsus pamaréntah biasana ngitung panganut hiji agama ku cara nanya langsung ka jalma-jalmana. Contona, Badan Sénsus Amerika Serikat ngajelaskeun yén maranéhna ”nyieun laporan dumasar kana pangakuan jalma-jalma ngeunaan agamana”. Jadi, hasilna téh ”dumasar kana pangakuan jalma-jalma, lain faktana”. Tapi, nu diitung sabagé Saksi Yéhuwa ku urang téh ngan jalma-jalma nu nguarkeun warta hadé jeung nyieun laporan palayananana, lain nu ngan saukur ngaku Saksi.

a Taun dines téh diitung ti tanggal 1 Séptémber nepi ka 31 Agustus dina taun saterusna. Misalna, taun dines 2015 diitung ti tanggal 1 Séptémber 2014 nepi ka 31 Agustus 2015.