Pindah kana eusi

Naon Watch Tower Bible and Tract Society téh?

Naon Watch Tower Bible and Tract Society téh?

 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania téh badan hukum nu dijieun dina taun 1884, sarta diawaskeun ku hukum Commonwealth of Pennsylvania, Amerika Serikat. Badan hukum ieu dijieun lain pikeun tujuan dagang, tapi digunakeun pikeun ngadukung kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya. Ieu téh kaasup medalkeun Alkitab jeung bacaan nu dumasar kana Alkitab.

 Badan hukum ieu boga tujuan nu aya patalina jeung ”agama, pendidikan, sarta sosial”. Tapi, tujuan utamana téh pikeun ”nguarkeun warta jeung ngajarkeun Injil ngeunaan Karajaan Allah nu rajana Yésus Kristus”. Nu jadi anggotana téh jalma-jalma nu dipilih wungkul.Hal ieu teu ditangtukeun ku sakumaha gedé sumbanganana. Anggota jeung diréktur badan hukum ieu mantuan Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa.

Badan Hukum Séjén Ngadukung Saksi-Saksi Yéhuwa

 Salian ti Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania, Saksi-Saksi Yéhuwa ngagunakeun loba badan hukum séjén di loba nagri. Sababaraha badan hukum ieu ngagunakeun ngaran ”Watch Tower”, ”Watchtower”, atawa tarjamahan séjénna ti ngaran éta.

 Loba hal nu geus dihontal ti saprak badan-badan hukum ieu dijieun, contona di widang:

  •   Penulisan jeung pamedalan. Urang geus nyitak kira-kira 220 juta Alkitab jeung kurang leuwih 40 miliar bacaan nu dumasar kana Alkitab. Publikasi urang aya dina leuwih ti 900 basa. Salian ti éta, dina situs Internét jw.org, jalma-jalma bisa maca Alkitab online sacara haratis dina leuwih ti 160 basa jeung manggihan jawaban tina Alkitab pikeun pananya-pananya umum, misalna, ”Naon Karajaan Allah téh?

  •   Pendidikan. Urang ngayakeun rupa-rupa sakola Alkitab. Contona ti taun 1943, leuwih ti 9.000 Saksi Yéhuwa miluan Sakola Alkitab Giléad Menara Pengawal. Di dinya, maranéhna dilatih pikeun jadi utusan injil jeung ngadukung kagiatan nguarkeun warta hadé di sakuliah dunya. Unggal mingguna gé, jutaan jalma kaasup nu lain Saksi, meunang mangpaat tina acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa. Urang ogé ngayakeun kelas pikeun ngajar jalma-jalma nu teu bisa maca jeung nulis, sarta medalkeun buku palajaranana dina 120 basa.

  •   Sosial. Urang méré bantuan kamanusaan pikeun jalma-jalma nu ngalaman musibat, boh nu disababkeun ku manusa boh nu disababkeun ku alam. Contona, urang méré bantuan kamanusaan waktu aya génosida (dimusnakeunana hiji kaom) di Rwanda taun 1994 jeung waktu aya lini di Haiti taun 2010.

 Loba hal nu geus dihontal ku ayana badan-badan hukum ieu. Tapi, kagiatan urang téh bisa hasil lain ngan lantaran badan-badan hukum ieu waé. Unggal urang Kristen boga tanggung jawab pikeun ngajalankeun tugas ti Allah, nyaéta nguarkeun jeung ngajarkeun warta hadé. (Mateus 24:14; 28:19, 20) Urang percaya yén Allah bakal terus ngadukung jeung ngaberkahan pagawéan urang.—1 Korinta 3:6, 7.